Senin, 11 Mei 2009

Kantos ngadangu hariring ieu ?

Anaking jimat awaking

geura hudang geura nyaring

duh ... geura nyaring

Balebat di wetan ngembat

ciciren surya sumirat

beuki nyingray lalaunan

kasipuh ku kingkilaban

geus lain wancina deui

hidep hirup dina ngimpi

tibra ngeukeupan impian

titenan tuh kanyataan

Bray ... balebat

Lagu di luhur teh hariring lagu Iin Bimbo nu kungsi kakuping ku kuring baheula. Harita teh mun teu salah taun 70-an ahir atawa 80-an awal. 

Lagu ieu ngempurkeun cahya asih na jeroning hate sakumna urang nu ngadangu. Boh ku ceuli lahir kitu deui anu ngadangu ku ceuli batin atawa hate nu putih.