Senin, 06 Juli 2009

Kabandang Ku Kuda Lumping

Munggaran maca tulisan Ahmad Bakri, nyaeta buku nu judulna “Kabandang Ku kuda Lumping” ieu. Aya ku nikmat ngilo aksara, ngaitkeun hiji kalimat ka kalimat saterusna. Ngageuleuyeur taya nu ngagokan. Estuning lancar. Ti mimiti paguneman bubuka, enya peguneman, lantaran saprak aksara kahiji nepi sababaraha lambar, eusina estuning ngan ukur paguneman taya deskripsi pangarang saeutik-eutik acan. Tapi, paguneman nu aya bisa ngawakilan jeung nerangkeun tempat, wanci, karakter jeung background carita sagemblengna. Ahh … pokona mah ceuk kuring ge nikmat pisan maca tulisan Ahmad Bakri.

Ti harita, kuring ngarasa perlu nyukcruk tulisan-tulisan Ahmad Bakri. Disebut nyukcruk teh, teu siga jalma professional nu dalit kana sastra sunda neangan manuskrip. Teu kaasup kitu kuring mah. Estuning ngumpulkeun tulisan anjeunna nu lolobana aya dina bentuk carpon keur kaperluan koleksi perpustakaan MTsN Garut, tempat kuring gawe, sakaligus nedunan kahayang diri kana bacaan-bacaan sunda.

Alhamdulillah aya sababaraha hiji buku diantarana kumpulan carpon “Dukun Lepus” nu ngamuat puluhan carpon karya Ahmad Bakri. Atuh kaubaran tah kapanasaran teh. Dina eta buku diuningakeun perjalanan karir Ahmad Bakri. Anjeunna guru nu rajin nulis buku, utamana carpon. Salian ti kaasup pangarang produktif, Ahmad Bakri kungsi meunang jujuluk pangarang favorit dumasar kana hasil angket majalah Mangle dina taun 80-an. Teu salah, ning, penilaian kuring teh. Buku “Kabandang Ku Kuda Lumping” jadi carpon nu unggul dina lomba penulisan carpon dina tahun 1968 nu diayakeun ku IKAPI (Ikatan Penerbit Indonesia) Cabang Jawa Barat. . Bareng jeung 3 carpon lianna karya Ahmad Bakri nyaeta : Payung Butut, Rajapati di Pananjung jeung Nu Sengit Dipulang Asih. Opat naskah eta jadi unggulan dina opat widang bacaan ! Masing-masing keur bacaan umum, dewasa, barudak jeung rumaja.

Kahayang kuring mah, tulisan-tulisan karya sastrawan Sunda saperti Ahmad Bakri teh dibaca oge ku barudak kiwari. Sangkan barudak apal jeung deukeut kana basa jeung budaya sunda.

Kabandang Ku Kuda Lumping, ku kuring dijadikeun bacaan munggaran anu dikenalkeun ka barudak, sabab teu susah maca jeung ngamaknaannana. Saterusna mah barudak bisa milih bacaan sejen anu geus nyampak dina rak, kayaning Dina Kalangkang Panjara, Sudagar Batik, jste.